Paparikan
Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran.[1] Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”.[1] Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna.[1] Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jeung kep: dua, opat, genep, dalapan, jst.[1] Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi.[1] Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang. [1]Contona paparikan:[1]
- Boboko ragrag di imah,
- Ninggang kana pileuiteun
- Mun bogoh montong ka sémah
- Ari anggang sok leungiteun.
Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi.[1] Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kahiji dina eusi.[1] Padalisan kadua dina cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalian kadua dina eusi.[1]
Jenis paparikan dumasar eusi
[édit | édit sumber]Upama nilik kana eusina, paparikan dipasing-pasing jadi:[1]
- Paparikan silihasih
- Paparikan piwuruk jeung
- Paparikan sésébréd.
Paparikan Silih Asih
[édit | édit sumber]Paparikan silih asih nyaéta paparikan nu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi. Contona:[1]
Paparikan Piwuruk
[édit | édit sumber]Paparikan piwuruk nyaéta paparikan nu eusina piwuruk atawa naséhat. Contona:[1]
- Ka kulah nyiar kapiting,
- ngocok endog bobodasna.
- Ulah sok liar ti peuting,
- osok loba gogodana.
Paparikan Sésébréd
[édit | édit sumber]Paparikan sésébréd nyaéta paparikan anu eusina banyol, lulucon, jeung cawad (kritik). Contona:[1]
- Daun hiris dibeungkeutan,
- dibawa ka juru leuit.
- Anu geulis ngadeukeutan,
- hayangeun dibéré duit.
Tempo ogé
[édit | édit sumber]Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e f g h i j k l m n Tamsyah, Spk, Drs. Budi Rahayu (1997). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia. p. 29.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |