Lompat ke isi

Kapri

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kapri
Kapri di kebon
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Tribus:
Génus:
Spésiés:
P. sativum
Ngaran binomial
Pisum sativum

Kapri (Pisum sativum) nyaéta sayur nu asalna ti nagara barat. Kapri mimitina ti Asia Tengah jeung Éropa. Baheula sayuran ieu teu dipikawanoh di luar Éropa jeung Cina. Tapi kiwari geus sakuliah dunya ngadahar kapri. Sacara umum kapri nu dibudidayakeun kabagi jadi dua nyaéta kapri polong jeung kapri sayur. Kapri polong nyaéta kapri nu sikina badag, sedengkeun kapri sayur nyaéta kapri nu sikina leutik. Daérah nu kaasup asal kapri nyaéta India (Punjab, Kashmir), Afghanistan, Tajikistan jeung kiduleun Tian-Shan.[1][2]

Déskripsi

[édit | édit sumber]

Kacang Kapri geus dipikawanoh sarta dipelak ku masarakat di Indonésia utamana di pulo Jawa. Misalna di Cisarua, tangkal kapri ieu geus mimiti dipikawanoh nalika taun 1980-an kalawan bagéan nu dipanén nyaéta bagéan polong ngora. Dina taun 1988 kalawan ayana paménta pucuk ngora ti éksportir, patani di Kacamatan Cisarua mimiti ngalihkeun produk nu dipanén ti polong ngora jadi pucuk ngorana. Tangkal kapri umumna dipelak di daérah nu mibanda luhur leuwih ti 700 mdpl. Daérah nu loba dipelak kapri nyaéta Jawa Kulon, Jawa Wétan jeung Sumatra Kalér. Hasil obsérvasi nu dilakukeun ku R. Prasodjo Soedomo (1994) di Kabupatén Sukabumi, Cianjur, Bandung, Garut jeung Tasikmalaya. Di Jawa Wétan tangkal kapri loba dibudidayakeun di Malang sedengkeun di Sumatra Kalér aya di Kabupatén Karo.[1]

Kapri polong disebut ogé kapri amis (Pissum sativum var. saccarata L.). Kapri sayur biasana dipanén nalika masih ngora pikeun diolah polongna jadi sayur. Tapi kapri polong dipanén nalika geus kolot pikeun diala sikina. Kapri nu loba dibudidayakeun di Indonésia nyaéta kapri sayur. Polong kapri bisa ditumis, diolah jadi sop, ragout pikeun eusi kuéh atawa ngan dikulub. Kapri loba vitamin nu bisa ngahiji dina cai. Iwal ti éta, kapri gancang empuk lamun dikulub.[2]

Pikeun mertahankeun kualitas gizina, hadéna kapri diungkeb, lain dikulub. Kacang Kapri kaasup tangkal sausum kalawan umur ti 3-3½ bulan. Tangkal ieu wanguna semak nu ngajalar atawa ngarambat kalawan alat pangmeulit di tungtung cabang. Luhur batang bisa nepi ka 200 cm atawa leuwih. Daun kapri boga daun tunjang (stipul) sarta sulur (sirrus) daun nu muncul ti daun atawa bagéan daun majemuk. Daun-daun ngora atawa pucuk sok dikonsumsi minangka lalab atah atawalalab asak. Kembang kapri warnana héjo semu bodas atawa ungu. Kacang kapri boga kembang sampurna, nepi ka alat kelamin jalu jeung bikang aya di kembang nu sarua. Penyerbukan kembang kapri sipatna penyerbukan sorangan.[1]

Buah kapri wanguna polong nu boga struktur ipis nepi ka kandel ngabuleud, warnana héjo semu bodas nepi ka héjo rada kolot. Unggal polong eusina antara 5-8 siki atawa leuwih. Wangun siki kapri rupa-rupa, aya nu buleud ogé aya nu kariput. Ukuran sikina ogé bisa leutik atawa badag sarta serat polong nu halus nepi ka kasar.[1]

Gizi jeung Mangpaat Kapri

[édit | édit sumber]
Polong Kapri jeung Sikina

Sumber Énergi

[édit | édit sumber]

Polong kapri mangrupa sayuran nu boga niléy gizi nu unggul. Énergi nu disumbangkeun ku 100gr polong kapri nu masih seger saloba 98 kcal. Jumlah éta jauh leuwih loba ti batan énergi di kacang panjang nu ngan saukur 44kcal/gram. Beuki kolot umur polongna, énergi nu disumbangkeun beuki gedé. Énergi ieu asalna ti karbohidrat sarta lemak nu kapuseur di bagéan siki kapri. Énergi dina kapri asalna ti karbohidrat, lemak jeung protéin.[2]

Sumber Protéin Nabati

[édit | édit sumber]

Kapri kaasup salah sahiji sumber protéin nu alus. Eusi protéina saloba 11,7g/100g polong kapri. Beuki kolot, protéina beuki loba. Protéin ayana di siki kapri. Protéin nabati nu aya dina kapri mangrupa sumber protéin séhat. Umumna, kadaharan nu didahar ku jalma mangrupa protéin nu aya patalina jeung lemak sato. Lemak sato éta biasana boga eusi lemak jenuh jeung kolésterol nu bahaya pikeun kaséhatan. Ku kituna, milih kapri minangka sumber protéin nu hadé dibandingkeun jeung protéin dina sato.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d Rukmana, Rahmat. 2003. Usaha Tani Kapri. Yogyakarta: Kanisius
  2. a b c d Lingga, Lanny. 2010. Cerdas Memilih Sayur. Jakarta: AgroMedia Pustaka